HOT NEWS

Humor Sunda:Jobar Gara-gara Beas Raskin

BERITA LAIN :


Karawang-.PELITAKARAWANG.COM-.Aya-aya wae jaman kiwari piomongeun teh,teu widang politik nu rame wae ku paseulupna hayang pamenang-menang dug masalah dapur batur oge diramekeun wae.
pelita karawang
Beras Raskin
Kieu caritana:

Waktu harita pas poe kamis, aya beja di desa Lalayangan rek aya beas raskin.di desa eta aya salah hiji kapala kulawarga nu hirup na miskin tapi taat kana ibadahna. Nyaeta di sebut kulwarga Usman, manehna ka golong  jalma nu koreh-koreh cok hirupna,boga awewe ngarana Misnem jeng Usep ngaran anakna nu karek umur tilu bulan.

Misnem : Abah na sok  ayuena ikhtiar ,di desa urang rek aya beas Raskin.

Usman: Beres ema na,nu penting ngarti weh kawas batur ari ka salaki sing taat jeng patuh.

Misnem:Naon Abah teu ngarti ?,asa -asa  kalimah na rada beda ti sasari.

Usman:Heuhhhh..ayuena teh peuting jumat,asa pedo (nikmat) jiga kawas nu ngora.

Misnem: Oohhh..ya ya ya .pan eta mah hak jeng kawajiban ema oge abahhhhhh.

Usman: Syukur atuh,ke abah rek ka desa ayeuna.

Misnem: Jung di doakeun,pokokna peuting ambeh pedo pisan.

Teu cumarita deui,Usaman ngoloyong leumpang  mangkat kadesa nu kira-kira anggang ti imah na kana 2 kiloan.Dasar jalma leutik,aya istilah meus-meus katincak,meus-meus ka bekok ku kaayaan hirup na nu balangsak.anu jadi sabab Usman disebut kitu, beas raskin nu rek di beli manehna beak di jual kuwu gelo ka tangkulak beas kawas di Pedes,cek beja nu di koran-koran.

Pas asup waktuna magrib, Usman karek tepi imahna bari nyengir ka Misnem.

Usman : Ema beas raskin teh beakkeun ,cenah mah di jual pak kuwu ka tangkulak beas.

Misnem: Jadi abah teu menang beas keur dahar isukan teh bah?.

Usman: Boro-boro ema na...Kuwu tega pisan naon oge di lelangan.

Misnem:Bodo teuing kuwu tega,ema rek leuwih tega ka abah.

Usman:Maksudna ?.

Misnem: Pokokna acara pedo-pedoan  jobar sarua jeng beas raskin.

Usman: Oooohhhhhhhh..ema ko manega ka abah.

Misnem:Pokokna ,nasib abah nasib hapeuk kawas beas raskin

Usman: Nasib,nasib,nasibbeas teu menang,malam jumat poosssssssss..Dasar kuwu gelooooooo.

Kiriman :Kusumah :Karawang 

@www.pelitakarawang.com


PIMRED MAJALAH SINGAPERBANGSA
Unknown

SILAKAN BAGIKAN ARTIKEL INI

Tidak ada komentar:

Leave a Reply

REDAKSI SINGAPERBANGSA


DUNIA KRIMINALITAS



SOSIAL & KEMASYARAKATAN



MAJALAH SINGAPERBANGSA >>> KERTITIK,SOROT DAN MEMBANGUN.